02 Mei 2011

Ti Sunda sareng ti Islam?


#Penulis: Daddy

"Mun teu ngopek moal nyapek, mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih", dilajeng ku "Mun keyeng tangtu pareng", ieu paribasa jelas ti Sunda. Sanes bade nyalahkeun, mung kanggo sim kuring salaku muslim asa ngaraos ieu teh kirang tepat.

Sapamendak kuring, satiap rezeki anu kagaduhan sanes akibat tina gawe anu tos dilakonan, tapi justru mungguh Allah anu masihan. Satiap jerih payah anu dilakonan keur ngahontal tujuan, teu ngajantenkeun hasilna kedah sesuai sareng anu dituju. Manusa mah ukur wajib ikhtiar, hasil mah malulu urusan Anjeuna. Manusa mah ukur tiasa miharep, kanyaataan mung ukur urusan Anjeuna. Lahaola wala kuwwata illa billahil'aliyil adzim.

kumaha atuh? 

"Mu keyeng tangtu pareng, insyaAllah. Pek dudunya satakerna, lir ibarat anjeun di dunya rek hirup salalamina." urusan hasil pasrahkeun ka Gusti Allah. Supaya mun gagal anjeun teu kuciwa. Mun sukses anjeun bisa tawadhu, handap asor, teu jadi jalma adigung.

Wallahu A'lam.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar