21 Juni 2008

Akuu Gemuk lagi...




Tiga tahun yang lalu, aku masih bangga ketika mengatakan "aku cuma 43 Kg lho..." pada ibuku, tapi coba bandingkan sekarang....jika dibuat grafik, kenaikan berat badanku sangat "signifikan" dengan indikasi kurva yang terus menanjak...he he...

Sebenarnya persoalan kelebihan bobot tubuh, mungkin berbeda-beda bagi tiap orang. Ada yang menganggap itu masalah, ada juga yang menganggap itu bukan masalah. Pendapatku sendiri, aku berada di antara keduanya. Bagiku itu bukan masalah, atau lebih tepatnya aku tidak begitu bermasalah dengan itu...I Love myself, however it be... tapi bagi ibuku ini pasti masalah besar. Padahal aku harus pulang dalam beberapa hari mendatang. Tak mungkin mengecilkan badan dalam waktu sesingkat itu. 

Jadinya, yang terbayang sekarang adalah omelan-omelannya ketika pulang. Belum lagi ditambah dengan "pengawasan ketat" untuk setiap makanan yang kumakan, sejumlah jadwal fitnes  serta menu makan diet....hiks..hiks...tersiksa...
Mom, I Know U re so....care,...but please I need to eat much he he...

09 November 2006

Situs Batujaya



# Daddy


Candi Jiwa, salasahiji candi di wewengkon situs Batujaya.



Situs Batujaya nujul kana situs arkéologi (ruruntuk candi Buda) nu aya di wewengkon Désa Talagajaya (Kac. Pakisjaya) jeung Désa Batujaya (Kac. Batujaya), Kabupatén Karawang, Jawa Kulon.


Géografi situs
Situs ieu sacara astronomis aya dina koordinat 107°09'17" - 107°09'03" Bujur Wétan jeung 6°06'15" - 6°16'17" Lintang Kidul. Sakumaha situs Cibuaya, situs Batujaya aya di Tanjung Karawang, dataran handap aluvial 4 m l.b.l. sarta kacondongan 2% (rélatif datar). Situs ieu jarakna satengah kiloan ti walungan Citarum.

Ékskavasi
Situs ieu munggaran kapanggih taun 1984/1985 ku Jurusan Arkéologi FSUI, sarta nepi ka kiwari nu kagali geus nambahan nepi ka 24 kompléks wangunan kuna nu sakabéhna kapanggih di wewengkon pasir leutik nu ku urang dinya sok disebut unur. Unur-unur/situs ieu sumebar di wilayah dina radius 5 km. Ciri nu katémbong dina sababaraha profil, ringkel, sarta bagian-bagianana némbongkeun yén ieu téh ruruntuk wangunan candi. Ti 24 nu kapanggih tadi, kakara lima nu geus gembleng digali: tilu ruruntuk mangrupa wangunan suci (Unur Serut, Unur Jiwa, Unur Damar, Unur Balandongan) sarta hiji balong.

Unur Jiwa
Unur Jiwa ayana 200 m béh kulon-kaléreun tungtung Désa Segaran, Batujaya, 200 m kuloneun jalan Kaliasin.

Hasil ngali taun 1986 ku Arkéologi FSUI némbongkeun struktur wangunan pasagi ukuran 19x19 m nu jangkungna 4,7 m. Sanggeus dipugar katémbong yén sisi Unur Jiwa mibanda propil nu bentukna pelipit rata (patta), pelipit panahan (uttara), sarta pelipit satengah buleud (kumuda), tanpa tangga. Di luhureunana aya susunan bata ngabentuk bunderan nu diaméterna 6 m.

Unur Damar
Unur Damar ayana béh wétan-kiduleun Unur Jiwa. Hasiil panalungtikan nunjukkeun yén situs ieu téh bentukna pasagi 20x20 m. Di sisi kulon-kaléreunana kawas aya penampil nu lébarna 4 m, lobana 17 lapis bata (jangkungna kira 85 cm).

Unur Balandongan
Sigana Unur Balandongan mangrupakeun wangunan pangbadagna di kompléks situs ieu, ukuranana pasagi 24,2x24,2 m. Juru-juruna nyanghareup ka kalér, wétan, kidul, jeung kulon. Denah luarna pasagi, kalawan tangga di unggal sisi nu lébarna 1,6 m. Nilik bagian tengahna, sisi luar téh horéng mangrupa pinding nu kandelna 1,75 m. Di jerona aya "buruan" ukuran 17X17 m nu dasarna 2 méter luhureun tanah sabudeureunana, di tengahna aya wangunan deui nu ukuran sisina 9,2x9,2 m. Di ieu situs kapanggih ogé sababaraha votif tablét tina taneuh liat, amulét nu ngagambarkeun tokoh-tokoh agama Buda nu ukuranana 4x6x0,8 cm. Ogé kapanggih sababaraha prasasti (tina lambaran emas) nu eusina ajaran Buda.

Ajén sajarah
Dumasar kana analisis radiométri Karbon-14 artéfak-artéfak nu aya di Unur Balandongan, kronologi pangkolotna asalna ti abad ka-2 Maséhi, sedengkeun paling ngora ti abad ka-12. Tina hasil ieu, sigana mah candi-candi ieu téh diwangun abad ka-5-7, jaman karajaan Tarumanagara. Ku kituna, bisa dipastikeun yén situs ieu mangrupakeun situs candi pangkolotna di Indonésia mah.




Sumber: http://su.wikipedia.org/wiki/Situs_Batujaya